Ratu Jalan Raya

Nyi Karsih ,culang-cileung,panonna cingeus,seukeut lir heulang ruyuk .Sagala ditempo ,sagala dipencrong !.Jalma-jalma nyarisi ,nyingray ,taya nu wani pasarandog . Nyi Karsih jadi ratu di jalan raya .Angin ngagelebug teu bebeja timana datangna , buuk Nyi Karsih ting rariab , ngaringkiwik ! ,paburisat siga tukang buah nu di udag Tibum . Di tungtung Jambatan , Gek manehna diuk , Nyeh seri seuri sorangan , teu kungsi lila reup sare !, lelembutanna ngapung ngawang-ngawang , mepende nasib sorangan ,nu hideng meles taya euih-euihna !